Vaksin
Vaksin nyaéta préparasi nu dipaké pikeun ngaronjatkeun imunitas kana hiji inféksi panyakit. Ieu istilah diturunkeun tina istilah cacar sapina Edward Jenner ("vacca" téh basa Latin nu hartina sapi), nu mun disuntikkeun ka manusa bakal ngajaga manusa tina panyakit cacar. Vaksin téh dumasar kana konsép variolasi nu asalna ti nagara Tiongkok, nyaéta prakprakan népakeun cacar anu watekna lemah. Jenner sadar yén para wanoja anu ngolah susu sapi (jaman baheula di kulon biasana wanoja anu disebut milkmaid) anu katépaan cacar sapi, henteu kabancén ku cacar. Dipakéna vaksin téh disebutna vaksinasi. Vaksinasi mangrupa métode nu paling éféktif jang nyegah tina panyakit nu nular. Vaksinasi efektif keur ngaronjatkeun kawedelan awak, contohna waé tina panyakit bangsar, polio, campakjeung tétanus. Dumasar kana éféktivitasna nu geus dicobaan jeung divérifikasi sacara luas, vaksin nu kaasup geus terbukti éféktif nyaéta saperti vaksin influénza[1], vaksin HPV[2] jeung vaksin cacar air.[3] Organisasi Kaséhatan Dunia (WHO) ngalaporkeun sangkan vaksin nu geus miboga izin ayeuna aya jang dua puluh lima inféksi nu bisa dicegah.[4]
Wanda Vaksin
[édit | édit sumber]Vaksin téh biasana ngandung unsur mikroorganisme anu geus paéh atawa teu aktif, bisa ogé nu mangrupa produk murni tina wanda éta mikroorganisme. Vaksin miboga sababaraha hiji wanda nu bisa digunakeun. Unggal wanda vaksin téh boga sistem nu béda-béda, keur nambahan sistem kawedelan urang sangkan bisa ngalawan wanda virus atawa kuman nu tangtu. Aya opat wanda vaksin anu utama, di antarana nyaéta vaksin hirup nu dilemahkeun, vaksin nu teu aktif (Inaktif), vaksin subunit, rékombinan, polisakarida konjugasi, jeung vaksin toksoid. [5]
Vaksin Hirup anu dilemahkeun
[édit | édit sumber]Vaksin Inaktif nyaéta vaksin anu ngagunakeun kuman atawa virus hirup nu geus dilemahkeun. Ieu vaksin miboga kapunjulan nyaéta méré kawedelan anu kuat jeung tahan dina jangka waktu anu lila.[5] Tapi miboga ogé kahéngkéran nyaéta aya kamungkinan bisa nyababkeun panyakit anu dirarancang kalawan tujuan awalna keur nangtayungan tina panyakit séjén. [6] Contona digunakeun keur kasakit campak (measles), Vaksin Polio Oral (VPO), Rotavirus, Demam Konéng (Yellow Fever).[7]
Vaksin Inaktif
[édit | édit sumber]Vaksin Inaktif nyaéta vaksin anu ngagunakeun kuman nu nyababakeun panyakit nu geus teu di aktifkeun. Vaksin Inaktif miboga kahéngkéran nyaéta henteu méré kawedelan (nu sifatna ngalindungi) nu leuwih kuat tibatan vaksin anu aktif. Vaksin Inaktif digunakeun keur ngungkulan panyakit Hépatitis A, Flu (ngan butuh suntikan), polio jeung rabiés.[5]
Vaksin Subunit, Rékombinan, Polisakarida jeung Konjugasi
[édit | édit sumber]Vaksin Inaktif nyaéta vaksin anu ngagunakeun kuman atawa virus hirup nu geus dilemahkeun. Bagéan kuman atawa virus nu digunakeun bisa mangrupa protéin, gula jeung kapsid (selubung di sakitar kuman). Vaksin ieu téh miboga kaleuwihan nyaéta bisa méré kekebalan nu leuwih kuat, jeung bisa digunakeun ku hampir kabéh jalma nu ngabutuhkeun. Contona digunakeun keur kasakit HIB (Haemophilus influenzae tipeu b), Hépatitis B, HPV (Human papillomavirus), Batuk Rejan (bagéan tina vaksin gabungan DTaP), Pneumokokus, Meningokokus, Hérpés zoster[5]
Vaksin Toksoid
[édit | édit sumber]Vaksin Inaktif nyaéta vaksin anu ngagunakeun toksoid atawa toksin nu dijieun tina virus atawa kuman nu geus diinaktifkeun. Contona digunakeun keur panyakit Toksoid tétanus jeung diftéri toksoid.[7]
Bahan
[édit | édit sumber]Vaksin dijieun tina rupa-rupa bahan, aya nu mangrupa antigén, stabilisator, adjuvan, antibiotik jeung pangawét, atawa bisa ogé nu kaasup kana produk sésa prosés produksi. Antigén téh nyaéta komponén nu asalna tina struktur organisme alatan ku panyakit, nu bakal ngabalukarkeun kawedelan atawa imun ngaronjay sabab ayana vaksin. Ari stabilisator gunana keur mantuan salila prosés neundeun, sangkan vaksin tetep kajaga éféktivitasna. Adjuvan gunana keur ngarangsang produksi antibodi, sangkan vaksin leuwih éféktif dina ngungkulan panyakit.[8]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Fiore, Anthony E.; Bridges, Carolyn B.; Cox, Nancy J. (2009). Compans, Richard W.; Orenstein, Walter A., ed. Vaccines for Pandemic Influenza. Current Topics in Microbiology and Immunology. Berlin, Heidelberg: Springer. pp. 43–82. ISBN 978-3-540-92165-3. doi:10.1007/978-3-540-92165-3_3.
- ↑ Chang, Yuli; Brewer, Noel T.; Rinas, Allen C.; Schmitt, Karla; Smith, Jennifer S. (2009-07-09). "Evaluating the impact of human papillomavirus vaccines" (dalam bahasa en). Vaccine 27 (32): 4355–4362. doi:10.1016/j.vaccine.2009.03.008. ISSN 0264-410X. http://www.sciencedirect.com/science/article/pii/S0264410X09003831.
- ↑ Liesegang, Thomas J. (2009-08-01). "Varicella zoster virus vaccines: effective, but concerns linger" (dalam bahasa English). Canadian Journal of Ophthalmology 44 (4): 379–384. doi:10.3129/i09-126. ISSN 0008-4182. PMID 19606157. https://www.canadianjournalofophthalmology.ca/article/S0008-4182(09)80185-3/abstract.
- ↑ "Global Vaccine Action Plan". www.who.int. Diakses tanggal 2020-12-07.
- ↑ a b c d "Vaccine Types | Vaccines". www.vaccines.gov. Diakses tanggal 2021-01-21.
- ↑ Baxter, David (2007-12-01). "Active and passive immunity, vaccine types, excipients and licensing" (dalam bahasa en). Occupational Medicine 57 (8): 552–556. doi:10.1093/occmed/kqm110. ISSN 0962-7480. https://academic.oup.com/occmed/article/57/8/552/1474357.
- ↑ a b "MODUL 1 – Tipe Vaksin - DASAR KEAMANAN VAKSIN WHO". in.vaccine-safety-training.org. Diakses tanggal 2021-01-30. Archived 2021-01-25 di Wayback Machine
- ↑ "MODULE 2 – Components of a vaccine - WHO Vaccine Safety Basics". vaccine-safety-training.org. Diakses tanggal 2021-02-15.
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]- Vaccines and Antisera di Open Directory Project
- "Immunization". MedlinePlus. U.S. National Library of Medicine. 2007-12-27. Diakses tanggal 14 Januari 2008.
- VIOLIN: Vaccine Investigation and Online Information Network
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |