Arit
Arit nyaéta hiji pakakas tatanén wujudna saperti péso ngeluk, mibanda gagang paragi panyepengan.[1] Arit dipaké pikeun neukteuk jukut, jarami, jeung sajabana.[1] Arit dijieun tina bahan beusi atawa waja.[1] Péso arit anu ngeluk tur seuket wujudna aya ogé saperti ragaji biasana dipaké pikeun panén paré, gandum atawa ngarit jukut pikeun parab ingon-ingon.[1][2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Saméméh Neolitikum
[édit | édit sumber]Arit geus aya di mesopotamia saméméh jaman néolitik. Titinggal arit anu digali dina mangsa Epipaleolithic (18000-8000 SM) loba kapanggih di sabudeureun Israél [3]. Di Yordania kapanggih deukeut Mt. Carmelgeus loba digali péso anu mangrupa wujud mimiti tina arit panjang kurang leuwih 2 cm tungtungna jiga ragaji, lolobana ngagunakeun bahan tina batu nu dimangpaatkeun pikeun panén rupa-rupa gandum umurna kurang leuwih 10.000 taun anu geus kaliwat. Ieu ogé nétélakeun dina mangsa harita geus bisa nyieun hiji pakakas anu kawilang rumit[4].
Neolitikum
[édit | édit sumber]Arit geus méré pangaruh anu gedé pikeun révolusi jeung undakna hirup patani jeung kasuburan tatanénna, kiwari arit geus loba dipaké di daérah wétan pikeun ngarit jujukutan. Hasil panalungtikan dina mangsa kahirupan mimiti anu dihususkeun kana tatanén séréal di mesopotamia nétélakeun yén arit kacida pisan dibutuhkeun dina nyanghareupan usum panén utamana dinamangsa panén raya/babarengan sangkan gandum jeung tatanén séjéna bisa dipanén babaréngan pikeun nyingkahan karugian alatan buruk atawa di ganggu ku hama ogé hasil panén bisa diteundeun leuwih gancang atuh ka dituna mangsa mélak bisa geuwat di laksanakeun deui [5].
Jaman Parunggu
[édit | édit sumber]Dina terminologi arkéologi, arit digolongkeun kana barang anu mibanda gagang panyepengan umpamana di Jérman katelah (knofsichel) nyaéta mangrupa hiji tonjolan kaluar tina handapeun pésona dititénan mah mangpaatna pikeun ngajaga kasaimbangan arit dina mangsa dipaké. Di Éropa kuna beulah wétan, arit geus jadi barang biasa dina jaman parunggu, numutkeun pamangih arkéologi arit ogé geus jadi bagéan dina mekarna budaya Éropa jadi lambang hiji agama napel kana hiji artépak [6].
Budaya
[édit | édit sumber]Dina budaya urang (Indonésia), arit sagigireun jadi pakakas tatanén, kasohor ogé mangrupa pakarang. Geus kakoncara suku Madura di mana arit disebut ogé celurit nu mangrupa pakarang anu jadi andelanna ieu pakarang anu mangrupa arit dina lagénda digunakeun ku hiji inohong Madura nelah Sakera. Masyarakat Madura ngeusian ieu pakarang maké khodam, nyaéta mangrupa mahluk gaib anu ngancik dina éta pakarang, ku jalan macakeun bacaan-bacaan do'a anu geus ditangtukeun.
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Dicutat Tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d KBBI (43837). "Kamus". Text " urlhttp://kamusbahasaindonesia.org/sabit/mirip " ignored (bantuan);
- ↑ Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 20. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020.
- ↑ Unger-Hamilton, Romana (July 1985). "Microscopic Striations on Flint Sickle-Blades as an Indication of Plant Cultivation: Preliminary Results". World Archaeology 17 (1): 121–6. doi:10.1080/00438243.1985.9979955.
- ↑ Banning, E.B. (1998). "The Neolithic Period: Triumphs of Architecture, Agriculture, and Art". Near Eastern Archaeology 61 (4): 188–237. doi:10.2307/3210656. JSTOR 3210656.
- ↑ Unger-Hamilton, Romana (1989). "The Epi-Palaeolithic Southern Levant and the Origins of Cultivation". Current Anthropology 30 (1): 88–103. doi:10.1086/203718.
- ↑ Christoph Sommerfeld: Gerätegeld Sichel. Studien zur monetären Struktur bronzezeitlicher Horte im nördlichen Mitteleuropa (Vorgeschichtliche Forschungen Bd. 19), Berlin/New York 1994 ISBN 3-11-012928-0, p. 157.