[go: up one dir, main page]

Academia.eduAcademia.edu

contoh artikel bahasa sunda

2019, haifa

judul artikel ini adalah "Peuting Juma'ah Kliwon Téh Angker, Mitos Atawa Fakta?"

Peuting Juma’ah Kliwon Téh Angker, Mitos Atawa Fakta? Di jaman kiwari loba kénéh masarakat nu percaya yén juma’ah kliwon téh peuting nu keramat jeung angker. Peuting juma’ah kliwon, nu di itungan tanggal jawa lumangsung 35 poé sakali téh cenah ngabogaan keistiméwaan lamun dibandingkeun jeung peuting-peuting nu lain. Loba mitos nu aya di kahirupan masarakat hususna masarakat jawa kuno yén ulah kaluar peuting, lamun maot pas peuting jumaah kliwon kudu dijagaan, kudu ngaji, jeung sajabana. Juma’ah kliwon téh diwangun ti kecap juma’ah sarta kliwon, juma’ah maksudna poé juma’ah, sedengkeun kliwon nyaéta poé nu kalima dina pancawara Jawa nu boga maksud ngabogaan unsur taneuh sarta tempatna aya di tengah atawa ngawakilan bumi. Jadi naha kliwon disebut keramat sabab bumi ngawasaan sagalana, umpamana jalma nu lahir di poé juma’ah kliwon ngabogaan sifat kawas pangawasa sabab ngarasa ngawasaan bumi. Éta harti kliwon nurutkeun suku Jawa kuno nu percaya kénéh yén kliwon téh keramat. Ari sabenerna mah peuting jumaah kliwon téh sarua waé jeung peuting juma’ah lainna. Dina Islam mah peuting juma’ah kliwon téh ngabogaan loba kamuliaan, ku kituna jumaah kliwon téh alus keur ngagawéAn amalan-amalan sangkan meunangkeun pahala ti gusti Allah SWT. Ieu dihandap aya sababaraha mitos sareng fakta ngeunaan peuting juma’ah kliwon ditingali dina primbon, adat jawa sarta dina Islam. Mitos nu kahiji nyaéta ngalakukeun méditasi di astana pas peuting juma’ah kliwon téh bakal ngabulkeun naon nu dipikahayang saperti bisa naék jabatan, gancang kaya, méh sakti jeung sajabana. Mitos éta téh masih kénéh dilakukeun ku masarakat hususna masarakat Jawa. Mitos nu kadua nyaéta jalma nu maot pas peuting jumaah kliwon kudu dijaga salila 40 poé. Masarakat jawa kuno percaya kénéh yén jalma nu maot dina peuting jumaah kliwon atawa salasa kliwon sanggeus dimakamkeun téh astana na kudu dijagaan salila 40 poé supaya jasadna teu dicolong ku jalma nu keur ngamalkeun élmu hideung. Di jaman kiwari loba kajadian di negri urang jalma nu nyolong jasad ku sabab dijadikeun sarat meunangkeun élmu kebal, sarta tumbal pesugihan. Mitos nu katilu nyaéta lamun peuting juma’ah kliwon bareng jeung peuting hiji suro bakal loba makhluk gaib nu kaluar ti sarangna kusabab rék néang tumbal sarta ngaganggu manusa. Ku sabab éta, kolot nu boga budak leutik sok ngaulah lamun budakna hayang ulin peuting peuting pas jumaah kliwon komo deui ari bareng jeung peuting hiji suro. Mitos nu kalima nyaéta juma’ah kliwon téh poé nu dipilih jang ngirimkeun santét, teluh sarta tenung. Dukun sarta ahli santét téh percaya yén peuting jumaah kliwon téh poé nu pas jang ngirimkeun santét ka jalma anu dituju. Cenah mah bakal nepi ka jalma nu dituju téh sabab dibantuan ku makhluk ghaib nu kalaluar. Tah kuayana mitos-mitos éta, masarakat loba nu percaya yén peuting juma’ah kliwon téh angker. Ditambah deui ku acara-acara dina tv atawa pilem nu nambahan pamikiran jalma réa yén peuting jumaah kliwon téh peuting nu pikasieuneun. Utamana dina film jurig nu sok ngagunakeun latar peuting juma’ah kliwon. Ari dina ajaran Islam mah teu aya poé pancawara téh saperti kliwon, wagé, pahing jeung sajabana, jadi kabéh peuting juma’ah téh sarua. Malah ari di Islam mah poé juma’ah téh diistimewakeun sabab sababaraha fakta. Fakta nu kahiji nyaéta di peuting juma’ah disunnahkeun ngaos Yasin jang ngadu’akeun jalma nu tos teu aya. Yasin nu dibacakeun téh bakal ngaringankeun siksa kubur jalma nu dituju. Fakta nu kadua lamun maot di peuting juma’ah téh bakal bebas ti anceman siksa kubur. Umat muslim mercayaan yén jalma nu maot dina peuting juma’ah kliwon atawa peuting juma’ah lianna téh pertanda yén jalmi éta téh jalma bageur nu bakal bébas ti anceman siksa kubur anu peurih. Fakta nu katilu, dina peuting juma’ah teh du’a bakal dikabulkeun ku Gusti Allah SWT. Dina poé juma’ah aya wanci-wanci dikabulkeunna du’a, umat muslim loba nu ngalakukeun sholat sarta ménta pitulung ka Allah, sangkan kahoyongna dikabulkeun. Fakta nu kaopat nyaéta poé juma’ah téh mangrupakeun poé nu ngabédakeun umat Islam, Yahudi jeung Nasrani. Poé juma’ah téh poé nu agung jang umat muslim sabab loba pisan barokahna. Disunnahkeun dina poé juma’ah motong kuku, mandi saacan indit juma’ahan, loba sedekah jeung sajabana. Jadi tong gurunggusuh dina nyokot kacindekan yén peuting jumaah kliwon téh peuting nu angker jeung keramat. Yén dina peuting jumaah kliwon téh kaluar jurig, jin, genderuwo, kuntilanak, pocong, jeung sajabana. Sabenerna mitos juma’ah kliwon téh dijieun ku kolot baheula jang nyingsieunan barudak méh teu ulin di luar imah peuting-peuting. (Fadhilah Haifa Zahiroh)