Kabupatén Purwakarta
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮕᮥᮁᮝᮊᮁᮒ | |
Jawa Jawa Kulon | |
Puseur Dayeuh | Purwakarta |
Lega Wilayah | 825,74 km² |
Kordinat | |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
930.585 Jiwa 784 (2003) jiwa/km² |
Démografi · Séké Sélér |
Sunda |
Agama |
Islam, Kristen, Katolik |
Basa |
Sunda, Indonésia |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
17 192 |
Dasar hukum | |
Milangkala | 20 Juli 1968 |
Bupati | Hj. Anne Ratna Mustika, SE |
Zona Waktu Kode telepon |
WIB 0264 |
DAU | Rp. 808.114.494,- |
Tutuwuhan Idéntitas Sato Idéntitas |
|
Situs web resmi: www.purwakartakab.go.id |
Kabupatén Purwakarta (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮕᮥᮁᮝᮊᮁᮒ) mangrupa hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana nyaéta Kacamatan Purwakarta. Kabupatén Purwakarta wawatesan jeung Kabupatén Karawang di beulah kulon kalér, Kabupatén Subang di beulah wétan, sarta Kabupatén Bandung jeung Kabupatén Cianjur di beulah kidul.
Sajarah
[édit | édit sumber]Asal kecap Purwakarta nyaéta tina dua kecap Purwa anu hartina mimiti jeung Karta anu hartina ramé atawa hirup. Kabupatén Purwakarta ngabogaan posisi antara ibukota Jakarta jeung ibukota propinsi Jawa Kulon, Bandung. Posisi Kabupatén Purwakarta ieu jadi salah sahiji wewengkon anu miboga loba paninggalan sajarah. Bisa ditinggali ka tukang, ngaliwatan carita klasik ngeunaan sésa tata kelola kota anu teu mileupas tina kolonialisme Walanda jeung dina sajarah Jepang kungsi ngajajah.[1]
Numutkeun kana sajarah, beula Kabupatén Purwakarta kungsi dijadikeun lumbung béas jeung pangkalan logistik ku Karajaan Mataram basa VOC datang ka Hindia-Walanda nyerang Batavia dina abad ka-18. Bisa ditinggali salah sahiji wangunan anu masih adeg sésa-sésa paninggalan Hindia-Walanda di kabupatén Purwakarta aya pendopo anu kiwari ku masarakat disebut gedong nagara jeung ayeuna dipaké kantor bupati. Gedong ieu nyinghareup ka lebah alun-alun anu ditaksir ku para sejarawan yén pambangunan gedong nagara atawa pendopo èta henteu lain bareng jeung nyieun eta alun-alun, gaya arsitékturna ngagambarkeun Jawa tradisional jeung Éropa anu diwangun taun 1831.[1]
Saméméh Purwakarta jadi kabupatén, dina jaman VOC Purwakarta kaabus ka Karawang dina taun 1630 nalika jaman VOC, satuluyna Purwakarta dijadikeun ibukota Karawang dina taun 1831 dumasar kana kaputusan Jénderal Hindia-Walanda harita. Saméméh Purwakarta dijieun puseur kota pamaréntahan aya hiji désa anu ngarana Wanayasa, lokasina aya di 24 kilométer ti suku Gunung Burangrang. Ti harita Purwakarta geus jadi kacamatan ti taun 1968. Kacutat dina salah sahiji buku sajarah Purwakarta anu sumberna tina koran Hindia-Walanda yén kacutat "Door den Gou. verneur Generaal in Radem is bepaald dat dehoofdplaats de Assistant-residentie Krawang, voortan den naam Poerwakarta" anu ngabogaan harti Gubernur Jéndral geus nangtukeun yén ibukota Afdeling (Karawang) ngarana Purwakarta. Waktu harita ngaran kabupatén Purwakarta acan kakoncara atawa dipikawanoh ku jelema lian siga kiwari, masarakat wanoh kana Purwakarta baheula teh ku ngaran Sindangkasih, ngaran Sindangkasih nepi ka kiwari masih jadi puseur dayeuh. Ngaran Sindangkasih ieu dicokot tina kajadian buapati Karawang jaman harita nyaéta R. A. Suriawinata anu keur neangan tempat atawa lokasi pamaréntahan basa taun 1830, anu ahirna bupati R. A. Suriawinata manggihan hiji lokasi anu padumukna jeung masarakatna kacida méré parlakuan anu hadé jeung haneut, ku kituna ngaran Sindangkasih téh dicokot tina kaayaan masarakatna harita.[1]
Daptar Bupati jeung Wakil Bupati
[édit | édit sumber]Bupati[2]
[édit | édit sumber]- HS. Ronggowaluyo (1968-1969)
- Kol. Inf. RA. Muchtar (1969-1979)
- Kol. Inf. RHA. Abubakar (1979-1980 & 1982-1983)
- Letkol AU. Drs. Mukdas Dasuki (1980-1982)
- R.H. Soedarna TM (1983-1993)
- H. Bunyamin Dudih, SH (1993-2003)
- H. Lili Hambali Hasan M.Si (2003-2008)
- H. Dedi Mulyadi SH (2008-2017)
- Anne Ratna Mustika (2017-ayeuna)
Wakil Bupati[2]
[édit | édit sumber]- H. Dedi Mulyadi, SH (2003 - 2008)
- Drs. H. Dudung B. Supardi, MM (2008 - 2013)
- Dadan Koswara (2013-2017)
- H. Aming (2017-ayeuna)
Topograpi
[édit | édit sumber]Kabupatén Purwakarta kawengku ku 17 kacamatan, nu dibagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan.
- Kacamatan Purwakarta
- Kacamatan Jatiluhur
- Kacamatan Babakan Cikao
- Kacamatan Bungursari
- Kacamatan Campaka
- Kacamatan Cibatu
- Kacamatan Sukasari
- Kacamatan Maniis
- Kacamatan Tegalwaru
- Kacamatan Paléréd
- Kacamatan Sukatani
- Kacamatan Darangdan
- Kacamatan Bojong
- Kacamatan Wanayasa
- Kacamatan Kiarapedes
- Kacamatan Pasawahan
- Kacamatan Pondoksalam
Puseur pamaréntahan aya di Kacamatan Purwakarta.
Géograpi
[édit | édit sumber]Kabupatén Purwakarta sacara géograpis aya dian koordinat 107 o 30’ – 107o40’ Bujur Wétan jeung 6o45’ Lintang Kidul. Di beulah kulon kabupatén Purwakarta watesna jeung Kabupatén Karawang, di beulah kalér watesna jeung Kabupatén Subang, di beulah kidul watesna jeung Kabupatén Bandung, jeung di beulah kulon kidul watesna jeung Kabupatén Cianjur. Anu kacutat luas wilayah Kabupatén Purwakarta téh nyaéta aya 971,72 KM².[3]
Transportasi
[édit | édit sumber]Purwakarta diliwatan ku jalan utama Jakarta-Bandung, sarta jalan tol Cipularang (Cikampék-Purwakarta-Padalarang). Kabupatén ieu ogé diliwatan ku jalur karéta api Cikampék-Bandung, nu numbukeun jalur kalér jeung jalur kidul.
Daptar Terminal
[édit | édit sumber]- Terminal Simpang
- Terminal Ciganéa
- Terminal Angkot Maracang
Trayék Angkutan Umum[4]
[édit | édit sumber]- 08 Babakan Cikao - Pasawahan
Babakan Cikao - Maracang - Jalan Kopi - Jalan Dukuh - Pérum Griya Mukti - Jalan Baru - Jalan Kemuning - Jalan Ipik Gandamanah - Tegal Munjul - Citalang - Warungkadu - Pasawahan[4]
- 09 Ciganea - Service
Terminal Ciganéa - Bunder - Cilegong - Jatiluhur - Service PP[4]
- 03 Ciganea - Simpang
Terminal Ciganea - Bunder - Jalan Pramuka - Jalan Basuki Rahmat - Jalan Kap. Halim - Jalan Siliwangi - Jalan KK Singawinata - Jalan Kap Halim - Jalan Siliwangi - Jalan KK. Singawinata - Jalan Sudirman - Jalan Taman Pahlawan - Jalan Ibrahim Singadilaga - Jalan Jénd. A. Yani - Jalan Basuki Rahmat - Jalan Pemuda - Terminal Ciganéa[4]
- 07 Cilangkap - Simpang
Cilangkap - Jalan Taman Pahlawan - Jalan Sudirman - Jalan KK Singawinata - Jalan Kapten Halim - Simpang - Jalan Kapten Halim - Jalan Basuki Rahmat - Jalan Jend. Ahmad Yani - Jalan Ibrahim Singadilaga - Pasar Leuwi Panjang - Jalan Kolam Renang - Jalan Taman Pahlawan - Cilangkap[4]
- 05 Sadang - Ciganéa
Sadang - J. Veteran - Jalan Sudirman - Jalan RE. Martadinata - Jalan Basuki Rahmat - Jalan Pemuda - Terminal Ciganea - Jalan Pramuka - Jalan Basuki Rahmat - Jalan Jend. Ahmad Yani - Jalan Ibrahim Singadilaga - Jalan Taman Pahlawan - Jalan Veteran - Sadang[4]
- 01 Simpang - Sadang
Simpang - Jalan Kap. Halim - Jalan Siliwangi - Jalan Sisingawinata - Jalan Sudirman - Jalan Suradireja - Jalan Ipikgandamanah - Sadang - Jalan Veteran - Jalan Sudirman - Jalan RE. Martadinata - Jalan Kap. Halim - Jalan SIliwangi - Simpang (Terminal Gembong)[4]
- 02 Simpang - Sadang
Simpang - Jalan Kap. Halim - Jalan RE. MArtadinata - Jalan Sudirman - Jalan Veteran - Sadang - Jalan Ipikgandamanah - Jl Surawinata - Jalan Sudirman - Jalan KK. Singawinata - Jalan Kap. Halim - Simpang[4]
Obyék Wisata
[édit | édit sumber]- Waduk Jatiluhur, nu ayana di beulah kuloneun kabupatén, mangrupa bendungan panggedéna di Jawa Kulon. Bendungan ieu ngabendung Walungan Citarum, dipaké pikeun pangbangkit tanaga listrik. Sajaba ti éta, sabudeureun bendungan ogé bisa dipaké pikeun obyék wisata.
- Waduk Cirata, situ nu legana 62 km2 mibanda poténsi pangembangan perikanan maké karamba. Alamna éndah dikuriling ku pasir.
- Situ Wanayasa, 23 km ti Kota Purwakarta, mibanda hawa nu tiis tur mialam. Di satukangeunnana ngajungkiring Gunung Burangrang. Situ Wanayasa jeung sabudeureunnana kacida poténsial pikeun dikembangkeun jadi Taman Rékréasi jeung Désa Wisata.
- Situ Buleud, legana 4 ha aya di puseur kota, di tukangeunnana aya gedong kuno Karesidénan. Numutkeun carita, Situ Buleud baheulana mangrupa tempat "pangguyangan" Badak nalika Purwakarta masih kénéh mangrupa leuweung.
- Gawir Boyér, salah sahiji tempat wisata anu alus keur popotoan mangrupakeun gawir batu anu aya di ujung waduk Jatiluhur, lokasina di Kampung Talun, Désa Tajursindang, Kacamatan Sukatani.[5]
- Parang Gombong, di wisata ieu urang bisa ninggali panonpoé moncorong atawa titeuleum. Wisata ieu aya di Kutamanah, Sukasari. Salian ti éta aya paranti popotoan anu alus.
- Gunung Bongkok, gunung ieu cocok keur anu ngamimitian resep naék gunung ngan sauukur 985 meter anu ngabogaan durasi kurang leuwih dua jam naikan ditaekan. Puncakna mangrupa datar jeung batu tumpu anu aya di Cikandang. Di luhur puncakna urang bisa ninggali waduk Jatiluhur jeung Kabuaptén Purwakarta.
- Pasir Langlang Panyawangan, mangrupakeun leuweung pines anu bisa digunakeun keur kemping atawa sasapédahan.
- Wanakula Camp, salah sahiji tempat kemping anu aya di Pusakamulya. Tempatna aya di suku Gunung Sunda anu luhurna kurang leuwih 700 mdpl.
- Bukit Panénjoan, baheulana ieu patempatan ngan sauukur lahan anu garing teu kauurus tapi saprak dikokolakeun bisa jadi mangrupa kebon entéh, sawah, imah warga, jeung sajabana. Lokasina aya di kampung Cinangka, désa Sindang Panon, kacamatan Bojong.
- Wahangan Cidomas, wahangan ieu katelah ku kaayaan cai na anu kacida herang jeung ngabogaan warna anu biru. Lokasina aya di kampung Babakan, desa Prakan Garokgék, kacamatan Kiarapedes. Wahangan Cidomas kacida alus keur leleson anu nawarkeun suasana anu asari jeung sejuk.[5]
- Gunung Lembu, gunung ieu ngabogaan luhur 792 mdpl. Di luhur gunung Lembu urang bisa ninggali pamandangan waduk Jatiluhur, Gunung Parang, jeung Gunung Bongkok. Salian ti éta bisa ngadon kémping ngagunakeun ténda dibaturan ku hawa anu tiis.
- Balé Indung Rahayu, wangunan ieu mangrupakeun salah sahiji musium anu kakoncara di kabupatén Purwakarta. Eusi musium ieu nyaritakeun lengkah hirup manusa jeung ngajéntrékeun anu jadi indung. Musium ieu ditata kawalan éstétik jeung didukung ku téknologi digital. Lokasi musium ieu aya di Jalan R.E. Martadinata Nagri Tengah, kacamatan Purwakarta. Koléksi anu minuhan ieu musium mangrupa lukisan, poto, jeung sasabaraha rupa cococan budak baheula kawas congklak. Koléksi cocooan éta aya anu bisa ku urang diajaran. Salian ti éta musium ieu miboga miniatur imah has atawa adat Sunda, baju adat Sunda, waditra, pakakas dapur, jeung miniatur katuangan has Sunda. Kaleuwihan anu laianna ieu musium gratis.[5]
- Balé Panyawangan Diorama Nusantara, mangrupakeun salah sahiji musium anu aya di Kabupatén Purwakarta nau ngabogaan eusi wisata sajarah Nusantara ti ngamimitian prasajarah, karajaaan, panjajahan,kamerdékaan, jeung jaman kiwari. Musium ieu geus dilengkepan ku rupa-rupa pakakas digital kawas video mapping, layar cagap, buku digital, jeung ngabogaan alat keur jalan-jalan pirtual ku naék karéta kancana.[5]
- Balé Panyawangan Diorama Purwakarta, lokasina aya di Jalan K.K. Singawinata, Nagri Tengah, Kacamatan Purwakarta. Musium ieu mangrupakeun salah sahiji wisata édukasi anu dierona ngawanohkuen ka balaréa ngeunaan sajarah tatar Sunda, sajarah nasional, sajarah Purwakarta, inporpasi pajabat anu aya di Purwakarta ti wanci ka wanci, tempat wisata, sarta ngabogaan koléksi wayang.[5]
- Galéri Wayang, lokasina aya di komplék pamaréntah daérah kabupatén Purwakarta, munggaran di Jalan Gandanegara Nomer 25, Nagri Kidul, Kacamatan Purwakarta. Eusi galéri ieu némrés jeung ngaranna nembongkeun ruap-rupa wayang anu aya di Indonésia katut jeung sajarahna, kawasa wayang Betawi, wayang Cepak has Cirebon. wayang Sukét, nepi ka wayang klitik has Surabaya. Salian ti éta, nalika urang ulin ka galéri Wayang Purwakarta, urang bisa ngajaran cara ngagunakeun sasabaraha hiji wayang.[5]
- Curug Tilu, salah sahiji curug anu aya di kabupatén Purwakarta anu dibuka ti taun 2016. Dingaranan curug tilu sabab baheulana kasebut dideukeut curug éta aya tilu curug, ngan beuki kiwari éta curug anu dua ngaleungit, jadi tinggal hiji curug. Lokasina aya di desa Cirip, kacamatan Sukasar.[5]
- Curug Cipurut, curug ieu aya dikawasan Cagar Alam Gunung Burangrang di daerah kampung Cileungsing, desa Sumurugul, kacamatan Wanayasa. Curug Cipurut ieu ngabogaan luhur 25 méter jeung loba lukut.[5]
- Curug Cisomang, curug ieu aya di désa Sepok, kacamatan Darangdan. Curug ieu aya di handapeun sasak wates kacamatan Darangdan jeung Bandung Kulon.
- Curug Suhada, lokasina aya di désa Sindanglaya, kacamatan Sukatani. Curug Suhada ngabogaan luhur 7 méter jeung henteu jauh ti Gunung Bongkok.[5]
- Urban Farming, lokasina aya di désa Bénténg, kacamatan Campaka. Tempat ieu mangruapkeun tempat pelatihan jeung édukasi patanian, tata kota, jeung temapt wisata. Di dieu wisatawan bisa ngurilingan kamung anu aya sawah, kebon sayur, jeung ternak ingon-ingon.[5]
- Bangké Karéta Stasion Purwakarta, lokasina aya di Nagri Tengah, Kacamatan Purwakarta. Tempat ieu ngabogaan gaya wangunan anu arsitéktur has Kolonial. Stasion ieu nyimpen bangké-bangké karéta anu geus teu kapaké diumpak-umpak nepi 7 méter luhurna anu katinggali rétro jeung antik. Henteu sagawayah wisatawan bisa abus ka ieu patempatan, sakur anu geus miboga ijin ka pihak stasion.[5]
- Taman Air Mancur Sri Baduga, tempat ieu nawarkeun atraksi air mancur anu alus tur éndah jeung pinuh ku warna. Lokasina aya di Jlan K. K. Singawinata, Nagri Kidul, Kacamatan Purwakarta. Air mancur ieu ngabogaan téknologi anu canggih mangrupa sinar laser anu bisa ngawentuk rupa-rupa animasi jeung épék caang anu nyieun kaéndahan anu nempo.[5]
- Cikao Park, lokasina aya di désa Cisalada, kacamatan Jatiluhur. Konsép wisata ieu nyaéta kaaripan lokal anu dijeroan aya wahana edukasi, kawas taman cai, taman ingon-ingon, jeung wahana séjénna.[5]
Katuangan Has
[édit | édit sumber]Simping
[édit | édit sumber]Simping mangrupakeun katuangan has Purwakarta anu ngabogaan rasa amis jeung gurih anu dijieun tina tipung tarigu jeung aci ditambahan ku sagala bumbu. Simping biasana buleun jeung gepéng, cocok dijadikeun oléh-oléh lamun ulin ka Kabupatén Purwakarta.[6]
Soto Sadang
[édit | édit sumber]Soto sadang teu béda jauh jeung soto-soto anu aya di Indonésia, soto sadang ieu nawarkeun rupa-rupa eusiana kawas daging hayam, babat, kulit, jeung buntut. aya dua rupa kuahna nyaéta dihérang atawa maké cipati.[6]
Hayam Goréng Sajolna
[édit | édit sumber]Ciri has hayam goréng has Purwakarta ngaogaan rasa anu gurih jeung seungit. Teu béda jauh jeung hayam goréng anu lian tapi hayam goréng sajolna miboga rasa anu has anu kudu dicobaan sacara langsung di tempatna.[6]
Coét Lauk Leutik
[édit | édit sumber]Purwakarta katelah ku katuangan anu diwadahan kana coét, salah sahijina lauk anu dibumbuan ku sambel cikur anu seger jeung pastina ngaruy keur di dahar.[6]
Peuyeum Bendul
[édit | édit sumber]Ngaran peuyeum bendul lantaran anu dagang peuyeum ieu aya di Jalan Bendul anu kurang leuwi aya dua kilométer sapapanjang jalan dagang éta peuyeum. Anu ngabédakeun jeung peuyeum Bandung, peuyeum bendul ngabogaan tekstur anu padet jeung leuwih amis.[6]
Colénak Purwakarta
[édit | édit sumber]Colénak Purwakarta ieu teu béda jauh jeung anu di tempat séjén saru hasil modipikasi peuyeum nau dibeuleum tuluy ditambahkeun saos anu dijieun tina gulu beureum jeung kalapa anu disangrai.[6]
Pais Purwakarta
[édit | édit sumber]Pais has Purwakarta ieu biasana eusi paisna ngagunakeun rupa-rupa lauk anu seger tuluy maké bumbu anu has.[6]
Ès Ciming
[édit | édit sumber]Salah sahiji kainuman has Purwakarta anu eusina aya és serut, céndol, jéli, kalapa, cincau, jeung kacang héjo.[6]
Saté Maranggi
[édit | édit sumber]Saté maranggfi mangrupakeun saté has Kabupatén Purwakarta anu umumnya dijieun ku cara dikeueuman heula dina bumbu tuluy dibeuluem. Biasana saté maranggi dituang maké bumbu suuk.[6]
Pangatikan
[édit | édit sumber]Paguron luhur[7]
[édit | édit sumber]- Akademi Akuntasi Perdana Mandiri
- Akademi Kebidanan Bhakti Asih Purwakarta
- Akademi Manajemen Informatika dan Komputer YPAT
- Politeknik Perdana Mandiri
- Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi Dr Kh Ez Mutaqien
- Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi Wibawa Karta Raharja
- Sekolah Tinggi Teknologi Dr Kh Ez Mutaqien
- Sekolah Tinggi Teknologi Wastukencana
- Universitas Purwakarta
- Universitas Pendidikan Indonesia Kampus Daerah Purwakarta
- Akademi Keperawatan RS Efarina
- Politeknik Bhakti Asih Purwakarta
- Politeknik Enjinering Indorama
- Sekolah Tinggi Agama Islam Al Badar Cipulus Purwakarta
- Sekolah Tinggi Ilmu Kesehatan Holistik
- Sekolah Tinggi Agama Islam Al Muhajirin Purwakarta
- Sekolah Tinggi Agama Islam Dr KH Ez Mutaqien Purwakarta
- Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi dan Bisnis Perdana Mandiri
- Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi dan Statistika Indonesia Purwakarta
- Sekolah Tinggi Keguruan dan Ilmu Pendidikan Purwakarta
- Universitas Kartamulia Purwakarta
SMA/SMK/MA[8]
[édit | édit sumber]- MA Al-Ma'arif
- MA Al-Musyarofah Darangdan
- MA Karta Raharja
- MA Nurul Fata
- MAN Purwakarta
- MAS Al-Huda
- MAS Al-Manar
- MAS Al-Muhajirin
- MAS Al-Muthohhar
- MAS Al-Irfan Ciganéa
- MAS Al-Musyarofah
- MAS Al-Mutaalimin
- MAS Darul Hikmah
- MAS Dr. KH. Ez. Muttaqien
- MAS MAI Purwakarta
- MAS Nurul Fata
- MAS YPIA Cikeris
- MAS YPMI Wanayasa
- MAS YPPA Cipulus
- SMA Al-Islam
- SMA Nur Syafi'il Ummah
- SMA Pasundan Pléréd
- SMA Pasundan Purwakarta
- SMA PGRI 2 Purwakarta
- SMA PGRI 1 Purwakarta
- SMA Sukatani 1
- SMALB Budi Utama
- SMALBN Purwakarta
- SMALB-YDBA Cibening
- SMALBN Kapten Halim
- SMAN 1 Bungursari
- SMAN 1 Campaka
- SMAN 1 Cibatu
- SMAN 1 Darangdan
- SMAN 1 Jatiluhur
- SMAN 1 Manis
- SMAN 1 Pasawahan
- SMAN 1 Purwakarta
- SMAN 1 Sukasari
- SMAN 1 Sukatani
- SMAN 1 Tegalwaru
- SMAN 1 Wanayasa
- SMAN 2 Purwakarta
- SMAN 3 Purwakarta
Kaséhatan
[édit | édit sumber]Puskésmas[9]
[édit | édit sumber]- Puskésmas Cibatu
- Puskésmas Bungursari
- Puskésmas Campaka
- Puskésmas Marancang
- Puskésmas Purwakarta
- Puskésmas Mulyamekar
- Puskésmas Sukatani
- Puskésmas Darangdan
- Puskésmas Wanayasa
- Puskésmas Bojong
- Puskésmas Kiarapedes
- Puskésmas Pasawahan
- Puskésmas Pondoksalam
- Puskésmas Munjul Jaya
- Puskésmas Jatiluhur
- Puskésmas Tegalwaru
- Puskésmas Maniis
- Puskésmas Sukasari
- Puskésmas Koncara
- Puskésmas Pléréd
Rumah Sakit[10]
[édit | édit sumber]- Rumah Sakit Umum Daérah Bayu Asih
- Rumah Sakit Umum Siloam Purwakarta
- Rumah Sakit Umum MH. Tamrin
- Rumah Sakit Umum Rama Hadi
- Rumah Sakit Ibu dan Anak Asri
- Rumah Sakit Umum Amira
- Rumah Sakit Ibu dan Anak Dian
- Rumah Sakit Umum Holistic
- Rumah Sakit Umum Bhakti Husada II
- Rumah Sakit Umum Karina Médika
Tumbu luar
[édit | édit sumber]- (id) Situs Resmi Kabupatén Purwakarta Archived 2007-10-17 di Wayback Machine
- ↑ a b c "Sejarah Purwakarta". purwakartakab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-18. Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
- ↑ a b "Bupati Purwakarta – Dinas Kearsipan dan Perpustakaan Purwakarta" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-23. Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
- ↑ "Mengenal Kabupaten Purwakarta". bpmptsp.purwakartakab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-18. Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h "Pariwisata Kab. Purwakarta - Angkot". portal.pariwisata.purwakartakab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-22. Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l m Media, Kompas Cyber. "25 Tempat Wisata di Purwakarta, Wisata Alam Sampai Museum Canggih Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-24. Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i "Ini Makanan Khas Purwakarta Paling Lezat dan Bikin Nagih!". @CekAja (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-22. Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
- ↑ PENDIDIKAN, DATA. "Daftar Lengkap Perguruan Tinggi di Kab. Purwakarta Beserta Alamatnya". DATA PENDIDIKAN. Diakses tanggal 2023-02-22. Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
- ↑ "Data SMA dan SMK Kab. Purwakarta | Universitas Muhammadiyah Malang". https://www.umm.ac.id/id/pages/jawa-barat/data-sma-dan-smk-kab-purwakarta.html. Diakses tanggal 2023-02-22. Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
- ↑ Jabar, Sunda Al. "Daftar Puskesmas di Kabupaten Purwakarta Provinsi Jawa Barat". Organisasi Asgar (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23. Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
- ↑ Sugianto, Enjang. "Daftar Rumah Sakit di Kabupaten Purwakarta, berikut nomor telepon, e-mail, kode rumah sakit, nama direktur dan - Purwakarta Online". Daftar Rumah Sakit di Kabupaten Purwakarta, berikut nomor telepon, e-mail, kode rumah sakit, nama direktur dan - Purwakarta Online (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23. Archived 2023-02-23 di Wayback Machine