[go: up one dir, main page]

Lompat ke isi

Reuneuh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Reuneuh atawa kakandungan mangrupa hiji kaayaan anu digunakeun pikeun ngagambarkeun hiji awéwé anu keur kayaan ngandung budak atawa bisa disebut periode perkembangan janin dina jero rahim. Biasana prosés reuneuh hiji awéwé idéalna 40 minggu atawa leuwih ti salapan bulan.[1]

Adat Istiadat Mangsa Kakandungan

[édit | édit sumber]

Geus jadi adat pikeun urang Sunda mah, anu masih kénéh nyepeng panceg kana adat karuhunna, lamun aya salaki pamajikan, heug dina hiji mangsa si salakina téh ngarasa sebel hayang utah waé sarta hayang waé dahar anu haseum-haseum utamana bungbuahan, kajadian kitu téh cenah tandaning pamajikanana bakal ngandung. Sanggeus bérés salakina nyiram, tuluy pamajikanana. Lilana téh nepi ka tilu bulan.

Ceuk kolot mah, sababna nu nyiram sok sebel waé téh lantaran keur diasupan bali. Pikeun nyageurkeunana nya ku kadaharan anu haseum-haseum téa. Aya kalana muncul sipat anu minculak atawa anéh ti nu nyiram mah. Saperti ngéwa ka salaki, hiji jalma, gampang kasigeung, teu paya ngambeu sangu jsté. Mangka geus jadi babasaan pikeun jalma nu teu nyiram heug sipatna gampang kasigeung atawa sagala hayang gancang diturut, gedé ambek, biasana sok disebut kawas nu nyiram baé. Kitu ogé ka jalma nu gering, loba nu dipikahayang, hayang itu hayang ieu, sok disebut mulangkeun panyiraman.

Aya deui adat nu nyiram téh nya éta teu kaop nempo dahareun sok kabita. Biasana mah nu sok dipikahayangna téh nya éta dahareun anu ku batur keur didahar. Aya deui nu nyiram téh sok ngadahar hampo, nya éta taneuh liat urut ngaduruk kenténg. Biasana mah nu dipikahayang ku nu nyiram téh barang nu teu mahal, mangkana sok aya nu nyarita “geuwat béré lantaran keur nyiram bisi ngacay budakna”. Jadi, pikeun kolot-kolot di urang mah geus jadi adat lamun kahayang nu nyiram teu diturutkeun téh balukarna budakna bakal ngacay waé.

Adat di urang Sunda mah kapamali téh kacida pisan diperhatikeunana. Nu ngaranna pamali téh ulah pisan dirumpak. Biasana mah nalika umur ngandung geus tilu bulan, adat di Pasundan téh sok ngabubur beureum bubur bodas. Demi ari bubur éta téh hiji lambang tina napsu, nya éta bubur beureum lambang napsu lalaki, bubur bodas lambang napsu awéwé. Tuluy dina hajatan éta téh dikumpulkeun urang sakampung/tatangga pikeun ngadungakeun si utun inji.

Sanggeus ngandung opat bulan, biasana mah urang Sunda teu ngayakeun sodakoh, tapi aya ogé anu nurutan adat Jawa, nya éta sodakoh kupat, dupi, jsté. Dina waktu kandungan lima bulan, biasana mah sok nyodakohkeun bangsal, diteundeun dina nyiru atawa dina baki bari ditutup ku daun waluh. Maksud sodakoh éta téh nya éta palakiah sangkan leungit belang béngsalna, diganti ku waluyana.

Dina waktu genep bulan, teu méré sodakoh. Tapi, nalika kandunganana tujuh bulan kacida pisan sodakohna, leuwih-leuwih ti nu saanggalna. Sodakoh nalika tujuh bulan éta disebut tingkeb atawa tebus wateng, aya ogé anu nyebut babarik. Tingkeb téh hartina tutup, jadi maksudna mah sodakoh éta téh sodakoh panungtung. Ari tebus hartina téh mayar, weteng hartina téh anak nu aya di jero kandungan. Jadi maksudna mah tebus weteng téh nya éta mayar nyalametkeun nu aya di jero kandungan. Babarik téh hartina sodakoh nyalametkeun anu ngandung babarengan jeung anu dikanungna.

Demi aturan sodakoh tingkeb téh teu sagawayah, biasana mah waktuna ditangtukeun heula. Ilaharna mah nincak dina angka tujuh, naha éta mah 7, 17, atawa 27 dina bulan Hijriah. Nu disodakohkeun téh nya éta rupa-rupa kadaharan jeung rujak tujuh bungbuahan. Sarta deuih nu aya dina upacara tingkeb téh nya éta kembang tujuh rupa, menyan, daun hanjuang, kalapa héjo (dewegan), wayang Arjuna atawa Subadra, jarum tujuh siki, jsté.

Tah barang-barang nu tadi téh, saperti cai na kendi, kembang tujuh rupa, jsté. tuluy dimandikeun ka nu keur ngandung téa. Sanggeus dimandikeun tuluy nu ngandung téh sina ngabagi-bagikeun rujak téa. Sajaba ti éta téh, barang-barang anu dipaké sarat pikeun mandi nu ngandung téh dijieun ogé lambang papatah pikeun nu ngandung jeung salakina. Maksud sarat-sarat éta téh ceuk sawaréh ahli mah nya éta:

Daun hanjuang, lantaran tangkal éta téh sok dipelak di kuburan, ngandung harti papatah, urang di dunya téh moal lila, tangtu kabéh ogé bakal balik ka tempat tangkal hanuang dipelak, nya éta maot. Ku kituna, urang téh kudu boga kalakuan anu hadé, ninggalkeun ngaran nu seungit ku cara migawé amal hadé. Mayang jambé, nya éta sindir sampir tina ucapan: hayang sing hadé. Hartina, urang dina hirup téh sagala kahayang kudu suci, leungitkeun sagala kalakuan nu teu uni, supaya jadi seungit lir seungitna mayang jambé. Kembang tujuh rupa, lambang tina makna anu tujuh, nya éta hirup, kakuatan, panénjo, pangdéngé, ucapan, rarasaan, jeung kahayang. Sakabéhna éta téh kudu seungit, hartina nalika urang hirup kudu hadé kalakuan nepi ka ngabungahkeun batur atawa masarakat. Jalan sangkan boga kalakuan nu hadé téh nya éta kudu ku élmu, nya éta cai nu jadi lambangna. Ayakan, hartina téh saringan, maksudna urang téh nungtut élmu téh kudu disaring, mana nu hadé mana nu goréng.[2]

Rujak, hartina urang hirup téh kudu ngarasaan pait, amis, kesed, haseum, jsté, hartina susah, senang, bingung, jsté. Belut, pikeun kiasan waktu ngajuru sangkan lancar lir belut nu kaluar tina liangna, urang di dunya téh kudu saperti belut, leueur, hartina wijaksana, loba akal ulah nepi ka dibobodo ku batur. Kitu tah harti lambang anu sok dipaké dina upacara tujuh bulanan téh.

Biasana mah sanggeus dimandikeun téh, poé éta ogé kudu séwaka, nya éta méré béas kira-kira lima léter, gula kopi, kukuéhan, jsté ka paraji. Sanggeus séwaka, tuluy nu ngandung téh digédog. Carana nu ngandung téh dititah nangkarak, dina cangkéngna téh disangkéh ku samping paraji, tuluy éta samping téh diéyong-éyong, maksudna mah sangkan anak nu aya jero kandungan téh bener posisina dina tempatna. Sanggeus digédog, di sababaraha wewengkon mah nu ngandung téh tuluy dibéré jimat ku paraji éta.

Sanggeus salapan bulan biasana mah sodakoh bubur lolos, nya éta bubur tipung saeutik kentel dibungkus ku daun cau, diminyakan saeutik, terus digulungkeun. Tah dina bulan-bulan ieu téh ceuk kolot mah sok disebut bulan alaeun. Geus jadi adat, supaya salamet nalika ngandung nepi ka ngajuru, ogé budak anu dikandungna tong nepi ka cacad, aya pamali anu ulah pisan dirumpak, saperti:

1. Ulah saré samborong teu maké angel, lantaran bisi hésé ngajuru.

2. Teu meunang ngadahar tutut, lantaran bisi tunduh nalika ngajuru

3. Teu meunang diuk dina lawang panto, lantaran bisi hésé ngajuru.

4. Teu meunang ngadahar endog kulub, bisi anakna engké bisulan dina sirahna.

5. Teu meunang ngadahar ganas, bisi anakna boga panyakit ararateul dina pipina.

6. Teu meunang ngadahar salak, bisi anakna koréngan dina sirahna.

7. Teu meunang ngadahar bungbuahan urut kalong, lantaran bisi bisi koréngeun pinareupna.

8. Teu meunang ngadahar lélé atawa keuyeup, lantaran bisi anakna boga tabéat kasar.

9. Teu meunang ngareumbaykeun buuk, lantaran kunti resepeun pisan ka nu keur kakandungan tuluy molah kitu. Jeung réa-réa deui.

Pase Reuneuh

[édit | édit sumber]

Trimester Kahiji (1 Nepi 12 Minggu)

[édit | édit sumber]

Sanajan sacara pisik parobahan awéwé anu reuneuh henteu katinggali parobahan anu teu katinggali, tapi anu pasti aya parobahan gedé tina awakna kawas kadar hormon anu barobah sacara signipikan. Rahim bakal ngadukung pertumbuhan plasénta jeung janin. Awak ogé bakal nambahan suplai getih keur mawa oksigén jeung nutrisi ka jero janin anu keur tumbuh jeung berkembang. Dina trimester ieu janin bakal ngembangkeun sakabéh organ dina ahir bulan katilu. Ku kituna, pase-pase ieu penting pisan keur awéwé anu reuneuh kudu ngajaga pola dahar ku kadaharan anu sehat, kaabus nambahkeun asa folat anu cukup ngabantu nyegah cacat tabung saraf janin.[1]

Salila trimester kahiji, résiko kaguguran biasana cukup gedé. Ku sabab éta awéwé anu reuneuh kudu ngajaga kondisi jeung vitalitas awak. Keur awéwé anu reuneuh kudu mindeng konsultasi ka bidan atawa ka doktor ahli kandungan.[1]

Parobahan pisik dina awéwé reuneuh salila Trimester KahijiSanaos éta ngan ukur trimester munggaran, awéwé reuneuh bakal ngalaman sababaraha parobihan dina awakna, kalebet:

Nyeri payudara

Parobahan dina breasts mangrupakeun tanda awal kakandungan. Biasana, payudara bakal karasa langkung lemes, nyeri sareng sénsitip, janten nyeri nalika disentuh. Kaayaan ieu disababkeun ku parobahan hormonal dina awak dina persiapan pikeun ngahasilkeun ASI saatos ngalahirkeun. Sajaba ti éta, ukuran payudara ogé ngagedean, beurat, sarta karasaeun pinuh. Seuseueurna awéwé reuneuh kedah ngagentos BH ku ukuran anu langkung ageung supados teu nyaman dianggo.[3]

Ukuran Beuteung Digedékeun

Ciri séjén awéwé reuneuh nyaéta ukuran burih anu mimiti tumuwuh. Sababaraha awéwé reuneuh parantos tiasa ningali parobihan ukuran beuteung dina trimester mimiti kakandungan, sanaos sababaraha anu sanés henteu.[3]

Robah Kulit

Kulit awéwé reuneuh biasana bakal katingali langkung bercahaya. Kaayaan ieu dipangaruhan ku parobahan hormon kakandungan sareng ningkat sirkulasi getih dina kulit. Sajaba ti éta, hormon kakandungan ogé ngarangsang produksi minyak, jadi kulit jadi leuwih moisturized. Éta pisan sababna naha sababaraha awéwé reuneuh rentan ka jarawat. Parobahan kulit séjén anu rawan ngalaman awéwé reuneuh dina trimester kahiji nyaéta munculna stretch mark dina pingping, imbit, beuteung sareng handapeun dada. Teras, garis poék anu disebut linea nigra ogé tiasa muncul, ngalegaan ti bujal dugi ka rambut pubic. Beungeut awéwé reuneuh ogé condong jadi kusam sabab bintik-bintik warna anu langkung poék dina kulit (melasma) berpotensi muncul dina pipi, dahi sareng irung.

Urat Katémbong

Parobahan ieu lumangsung alatan ngaronjatna volume getih, sahingga jantung ngompa getih leuwih gancang pikeun minuhan kabutuhan nalika kakandungan. Urat biru tiasa katingali dina beuteung sareng daérah payudara anu ageung. Samentara éta, pembuluh darah anu siga lancah tiasa muncul dina suku, raray sareng panangan. Dina sababaraha kasus, urat enlarged muncul dina suku (varicose urat).

parobahan heunceut

Lapisan heunceut janten langkung kandel sareng kirang sénsitip. Sababaraha awéwé reuneuh tiasa ngalaman keputihan sareng perdarahan ringan. Bintik getih dina kakandungan mimiti nunjukkeun yén endog dibuahan geus hasil napel na tembok uterus. Upami perdarahanna langkung beurat sareng dibarengan ku keram beuteung, geura-giru ngalakukeun pamariksaan ka dokter kandungan anu caket.

Parobahan beurat

Dina trimester mimiti kakandungan, indung bakal ngalaman gain beurat 1,5-3 kilogram. Kanaékan ieu nyaluyukeun beurat awak saméméh ngajuru.

Triméster Kadua (13 Nepi 28 Minggu)

[édit | édit sumber]

Trimester kadua nyaéta période anu paling genah keur sakumna awéwé anu reuneuh. Sabahagian gedé gejala reuneuh anu mimiti kawas morning sickness bakal ngaleungit. Beuteung ogé bakal ngamimitian katinggali gedé jeung awak ogé téréh ngagedéan dina wanci-wanci ieu. Sanajan gejala murel ngamimitian leungit, sababraha rupa keluhan awéwé anu keur reuneuh nyaéta urat murungkut dina suku, nyeri angen, rampus kana dahar, aya varises, nyeri tonggong, jeung sakapeung salésma.[1]

Triméster kadua nyaéta nalika awéwé reuneuh bisa ngarasakeun mimiti janin gerak. Biasana pagerakan ieu kajadian dina minggu ka-20 pase reuneuh. Dina hal ieu janin bisa ngadéngé jeung ngawanohan sora indungna. Sababaraha tés screening biasana dilakukeun dina triméster kadua. Nalika ngalkukeun konsultasi ka doktor sagala riwayat panyakit atawa anu patula-patali jeung médis pribadi jeung kulawarga anu reuneuh sangkan doktor bisa wanoh kana masalah génétik anu bisa ngabogaan resiko kanu janin.[1]

Triméster kadua ogé jadi kaayaan nalika bahagian-bahagian awak janin kabentuk kawas jantung, paru-paru, ginjal, jeung otak. Indung oge bisa apal jinis kelamin orok dina triméster kadua ieu. Biasana salila triméster kadua, doktor bakal nguji lab hasil diabétés géstasional anu umumna kadétéksi antara minggu ka-26 jeung minggu ka-28 nalika reuneuh.[1]

Triméster Katilu (29 Nepi 40 Minggu)

[édit | édit sumber]

Triméster katilu lumangsung ti minggu ka-28 kondisi reuneuh nepi orok ngajuru. Dina triméster ieu janin geus bisa muka, nutup panon, jeung ngenyot jempolna. Janin ogé bisa motah, nguliatkeun awak, jeung ngaréspon anu caang-caang. Abus kanu bulan kadalapan, pertumbuhan otak bakal liumangsung terus jeung gancang. Lamun orok keur motah bisa najong beuteung kalawan aya tapak siku atawa dampal suku dina beuteung indungna. Dina bulan ka-9 atawa umur reuneuh 34-36 minggu paru-paru bisa asak jeung siap migawé ku sorangan.[1]

Keur indungna sorangan bakal aya pamariksaan anu teratur jeung rutin kawas tés lab urine keur nganyahoan kadar protéin dina jero awak, mariksa tekanan darah, mantau detak jantung janin, jeung persiapan lianna ka prosés ngajuru.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h Halodoc. "Kehamilan". halodoc (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-03-25. 
  2. Budaya Sunda. pp. 17–18. 
  3. a b Halodoc. "Trimester 1 - Segala Informasi Kehamilan Trimester Pertama". halodoc (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-03-25.